Pangjajap
(ti salah sawios seuweu Uyut)
Bismillahi Rohmanirrohim.
Panjang lalakon nyusun ieu "Catetan" teh. Nanging ku emutan, teu patos penting uninga kumaha lalakon nyusunna mah, nu langkung penting mah uninga naon tujuan ieu "Catetan" disusun.
Nu janten lulugu tujuan nyusun ieu "Catetan" teh, malar dina pagaliwotana seuweu-siwi Uyut Enob/Uyut Emat, urang terang natrat kana galur nu saestuna. Ku kituna teh malah mandar seuweu-siwi Uyut mekar dina galur kudrat kapribadianana.
Kanggo ngahontal eta udagan, seuweu-siwi Uyut ngaraos perlu di antawisna aya "catetan" galur luluhur ti Uyut nu lengkep, kanggo jejer kana langkung raketna tatali batin kawargian sareng saderek.
Nya pun Sudaryat, salah sawios seuweu Uyut, nyobi-nyobi ngeureuyeuh kekempel bahan/katerangan ku jalan tataros ka sepuh-sepuh nu legok tapak genteng kadek dina nyukcruk galur karuhun.
Ku margi tujuan saluyu, pada-pada katarik ku nu jadi udagan, ngaraksa, ngariksa, sareng ngamumule turunan, teu burung sareundeuk dina prakna teh. Ka para sepuh nu masihan rupi-rupi katerangan, sim kuring kalayan asmana seuweu-siwi Uyut, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun.
Sering sanggemna, nu nyusun ieu "Catetan" kapaksa nunda hancana. Nyorang pleng aya sasihna. Sanes dumeh ku leukleukna, da leukleuk mah tiasa dileukeunan, sesah tiasa dikeureuyeuh. Eta ku samporetna waktos sareng waragad kanggo nyusud-nyusud katerangan ka nu tarebih, pangpangna mah nu jadi marga lantaran teh.
Dina kaayaan kitu, nu nyusun teu tumamprak. Satekah polah ihtiar milari jalan kanggo ngarengsekeun garapanana. Di antawisna maluruh katerangan nganggo perantawisan serat-sinerat. Alhamdulillah hasil. Sakumaha nu kapihatur ieu buku "Catetan" tiasa medal. Kantenan, tebih tina sampurna. Sanaos kitu, mugi-mugi aya, malah sing ageung mangpaatna.
Dina leresan ieu mangga urang sami-sami ageung hapunten kana sugri kalepatan dina ieu "Catetan". Urang gemblengkeun dina manah urang sadaya, yen moal pisan-pisan nu nyusun ngahaja ngadamel kalepatan, ngahaja ngalepatkeun ieu cukcrukan. Dina kituna, mangga urang sami-sami pada ngalereskeun. Utamina neda "koreksi" ti runtayan kulawarga masing-masing, kanggo kasampurnaan ieu "Catetan". Bari teu hilap sadaya seuweu-siwi Uyut ngahaturkeun nuhun sareng pangajen kana alpukahna nu nyusun ieu "Catetan".
Mugi Allah SWT nangtayungan urang sadaya. Insya Allah urang moal lali kana purwa wiwitan. Aamiin ya Robbal 'alamiin.
Tasikmalaya, Mei 1986 | Ramadan 1406
Wassalam,
Uyo Surya Kusmana
Dikutip dari buku Catetan - Silsilah, Seuweu-Siwi Uyut Enob/Uyut Emat — 1986
Baca juga:
- Bubuka — Sudaryat. (bahasa Sunda)
- Lebaran dan Pohon Keluarga — 30 November 2005
- Silsilah Keluarga — 13 Maret 2006
- Silsilah Keluarga: Desain Ulang — 7 Februari 2007
